Sabtu, 08 Maret 2014

Mangle teu Burung Nguntungkeun

Teu Burung Nguntungkeun

Para mitra,
Salasawios karangcagean urang Sunda nyaeta rupi-rupi pasakan. Dibandingkeun sareng etnis sanes, kalebet euyeub pasakan hasil kabinekasan urang Sunda teh. Geuning nu amis-amis oge sapertos bugis, ali agrem, wajit, kitu deui surabi nu dikincaan popular pisan. Teu acan pasakan sanesna minangka rencang sanguna, sapertos angeun, pais, sambel, lalab sareng sajabina. Hal nu teu kinten saena, dina katuangan bieu sayuran teu kinten dipentingkeunana, kukituna angeung mangpaatna kanggo kasehatan.
Kapungkur mah di tatar Sunda, rumah makan nu kaetang seueur teh saukur rumah makan Padang. Malihan sok janten kaheureuyan, saurna, dibulan oge aya rumah makan Padang mah. Namung kadieunakeun teu kitu. Dugdeg di ditu di dieu rumah makan Sunda, sareng tetelaseueur nu sukses deuih.
Tah, dina MANGLE nomer ayeuna kapidangkeun seretan perkawis katuangan nu teu kinten populerna nyaeta surabi. Ieu teh kalebet katuangan urang Sunda nu kantos bade tumpur, namung kadieunakeun geuning hirup subur deui. Tetela ari diusahakeun leres-leres mah surabi oge nguntungkeun. Warung “Surabi Imut” nu tempatna nu tempatna di Jl. Setiabudhi, Bandung kalebet nu majeng usahana sareng nembongkeun kadariaan lebah mekarkeun karancageanana.
Para mitra,
Karancagean urang Sunda tangtos seueur keneh nu peryogi dimekarkeun. Upamina wae dina widang tatanen, karajinan, kasenian, kagiatan social sareng sajabina. Nu dipiharep tangtos sagala rupi kabinekasan bieu tiasa dimekarkeun kalayan daria. Hasilna apan tiasa ngangkat karaharjaan urang Sunda. Geuning di Walanda, saukur kembang tulip tiasa masihan karaharjaan ka rahayatna. Tah di urang apan sakitu seueurna kekembangan. Kitu deui bubuahan sakitu euyeubna.

      

Upami dimekarkeun soson-soson mah piraku moal matak nguntungkeun. Nu penting tangtos manajemenna sareng nu teu kinten petingna pangrojong ti pamarentah oge.
Mugi-mugi ku dilarapkeun ana milih pamingpin sacara langsung, para pamingpin urang langkung rajin ngimeutan pangabutuh masarakat. Diantawisna dipiharep pisan para pangmingpin boh formal boh informal ngamekarkeun karancagean, kawirausahaan masarakat urang. Lebah dieu tangtosna oge penting pisan pangrojonh media massa nu sakedahna ngangkat dinamika karancagean masarakat.
Para mitra,
Eta margina dina MANGLE nomer ayeuna kapidang keun salasawios karancagean masarakat dina widang pasakan tradisional. Mugi-mugi ari diwanohkeun mah bakal langkung majeng deui kawirausahaan masarakat urang teh. Geuning di Italia, usaha kueh piza sakitu majengna dugi ka tiasa nyebar ka mancanagara, kalebet ka Indonesia. Malihan di Italia, ngadeg akademi nu husus ngawulangkeun kabinangkitan perkawis kueh piza. Tuh, sagala rupi oge ari dimekarkeun kalayan daria mah geuning teu burung nguntungkeun. Nya kedah kitu urang oge. 










Tidak ada komentar:

Posting Komentar