Milih “Presiden” Karyawan Mangle
Para mitra,
Di
tengah-tengah ramena mapag Pilpres sasih Juli payun, karyawan MANGLE oge teu
kakantun paciweuh. Mangsa jabatan ketua Paguyuban Karyawan(PAKAR) MANGLE nu
ayeuna dicepeng ku Hambali ti bagian citak parantos seep. Kukituna kedah enggal
diayakeun kagiatan milih “Presiden” Karyawan MANGLE nu anyar. Tah, numutkeun
rencana mah, sasih Mei dibuka pendaptaran para calon. Salajengna dina sasih
Juni, kedah parantos lumangsung acara milih Ketua Paguyuban Karyawan.
Saha nu katingal janten picaloneun?
Rupina mah
aya sababaraha nami. Upamina wae, Endang ti bagian cetak, Rudi Tarmidzi ti
bagian sekretariat, salajengna Ensa Wiarna sareng Unay Sunardi ti bagian
redaksi. Endang kalebet karyawan nu getol tur gampil gaul sareng karyawan
sanesna.
Ari Rudi Tarmidzi lulusan UIN, di antawis rekan mah parantos
dianggap ustadz kumargi kaweruhna dina widang agama. Ensa Wiarna, sarjana
sastra Unpad, “pekerja keras” sareng tara openan ka nu sanes. Unay Sunardi nu
ayeuna nyuprih elmu di fakultas hukum unpas, kalebet kariyawan nu logor di
panto, tiasa ka bula ka bale.
kriteria nu
di anggo nya tangtos wae, loyalitas kapausahaan sareng “kesetiakawanan” ka
sakumna karyawan. Eta nu janten kriteria utama, lian ti kedah ngapinilik
kamampuh kapamingpinan teh.
Naon
margina sakumna karyawan peryogi wadah paguyuban karyawan?
Pangpangna
mah kanggo ngiring ngupayakeun sangkan “kapal pausahaan” salamet ngajugjug
udaganana, nyaeta karaharjaan sakumna karyawan sareng para pemegang saham sarta
masihan mangpaat kanggo masyarakat. Hal nu sering karandapan apan sering timbul
konflik antawis pemilik, pemegang saham sareng karyawan kumargi, diantawisna,
aspirasi karyawan heunteu katedunan.
Tah, paguyuban karyawan sakedahna nampi
sarta ngadugikeun sakumna aspirasi karyawan nu salajengna dibarempungkeun
sareng pihak direksi kanggo ngawujudkeunana. Salajeng na, paguyuban karyawan
oge nu sami mangrupi pemegang saham pausahaan, saleresna mangrupi mitra direksi
anggoning ngaronjatkeun produksi pausahaan dugi katiasa ngahontal kauntungan
sapertos nu ditargetkeun.
Para mitra,
Parantos
janten kasapukan, sakumna ketua PAKAR manten, otomatis janten anggota dewan
Pembina, atanapi dewan syuro PAKAR MANGLE. Tah, nu ayeuna di dewan syuro
paguyuban karyawan MANGLE teh, karno kartadibrata, hana rohana sareng nyusul
hambali. Nya dewan Pembina bieu nu ngaping dewan pangurus paguyuban karyawan.
Kanggo ngaronjatkeun pangaweruh sareng ngalegaan wawasan, pangurus PAKAR MANGLE
oge aya maksad bade ngontrak majalah TEMPO, naroskeun kumaha hak-hak karyawan
majalah TEMPO tiasa katedunan dugi kahasilna apan majalahna oge sakitu
majengna.
Mugi-mugi,
paramitra kagiatan milih “presiden” karyawan MANGLE tiasa lungsur langsar.
Amin.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar